General Packet Radio Service (GPRS) nyaéta layanan data mobil anu ngagunakeun sistem komunikasi packet switch minangka cara pikeun nganteurkeun datana. Packet switch
nyaéta hiji sistem di mana data anu baris dianteurkeun dibagi jadi
bagian-bagian leutik (pakét) tuluy dianteurkeun sarta dirobah jadi data
sakumaha asalna. Sistem ieu bisa nganteurkeun rébuan malah jutaan pakét
tiap detikna. Pangiriman data dipigawé ngaliwatan PLMN (Public Land
Mobile Network) kalayan ngagunakeun jaringan tulang tonggong protokol
Internét (bahasa Inggris: IP backbone).
Layanan GPRS disadiakeun pikeun pamaké telepon sélulér Global System for Mobile Communications (GSM) jeung IS-136 sanajan jaringaan GPRS misah ti GSM. GPRS bisa dipaké pikeun layanan saperti aksés Wireless Application Protocol (WAP), Short Message Service (SMS), Multimedia Messaging Service (MMS), sarta pikeun layanan dina komunikasi Internét saperti aksés émail jeung World Wide Web. Sistem sélulér 2G anu digabungkeun jeung GPRS mindeng disebut "2.5G", nyaéta hiji téknologi telepon sélulér antara generasi kadua (basa Inggris: 2nd generation atawa 2G) jeung generasi katilu (basa Inggris: 3rd generation atawa 3G). Ieu téknologi nyadiakeun laju pamindahan data anu sedeng. GPRS diintegrasikeun kana GSM Release 97 sarta kaol standar GSM lianna anu leuwih anyar. Awalna ieu standar téh dipigawé ku European Telecommunications Standards Institute (ETSI), tapi ayeuna dipigawé ku 3rd Generation Partnership Project (3GPP).
Dina téorina GPRS nawarkeun laju data ti 56 kbps nepi ka 114 kbps,
sahingga ngamungkinkeun aksés internet, pengiriman data multimedia ka
komputer, komputer jingjing sarta terminal telepon seluler. Tapi, dina
prak-prakanana, hal kasebut pohara gumantung kana faktor-faktor:
- Konfigurasi sarta alokasi time slot dina level BTS
- Software anu dipaké
- Pangrojong fitur sarta aplikasi terminal telepon seluler anu dipaké
Ieu ngécéskeun ku naon dina waktu-waktu nu tangtu sarta di patempatan
nu tangtu pangiriman data dina GPRS karasana laun, malah leuwih laun
manan pangiriman data ngaliwatan jaringan switch circuit nu boga laju
data 9,6 kbps.
Komponén-komponén utama jaringan GPRS nyaéta:
- GGSN (Gateway GPRS Support Node): gerbang panyambung jaringan GPRS kana jaringan Internét. Guna komponén ieu téh salaku antarmuka ka jaringan data publik (Public Data Network - PDN), ngaruteukeun informasi, network screening, user screening, jeung address mapping.
- SGSN (Serving GPRS Support Node): gerbang panyambung jaringa sélulér ka jaringan GPRS. Komponén ieu boga guna pikeun nganteurkeun pakéet data ka terminal telepon sélulér, ngasupkeun data langganan kana HLR, sarta registrasi langganan anyar.
- PCU: komponén di level BSS dina jaringan sélulér anu nyambungkeun terminal ka jaringan GPRS
Pangiriman data dina GPRS umumna dipénta bayaran pikeun tiap kilobyte data anu dipindahkeun, samentara dina komunikasi data nu ngaliwatan circuit switch
tradisional, pangiriman data ditagih dumasar jumlah menit waktu
sambungan, henteu maliré naha pamaké bener-bener geus mindahkeun data
atawa henteu (dina kaayaan nganggur).
Daptar eusi |
Dasar-dasar
WAP ngan sakadar hiji gapura (gateway) anu dipaké pikeun asup
(aksés) ka Internét ngaliwatan telepon sélulér sarta sabalikna. Biasana,
data anu dikirimkeun ngaliwatan GPRS téh ditagih dumasar jumlah kilobyte informasi anu dikirim jeung ditarima, sedengkeun sambungan data circuit-switchditagih
dumasar jumlah detik pamakéan. Tagihan dumasar jumlah waktu pamakéan
mah henteu éfisién lantaran mangsa euwueh data anu dipindahkeun, jalur
data nganggur sarta henteu dibikeun ka calon pamaké jalur data lianna nu
ngabutuhkeun.
Métoda aksés leuwih ti hiji (multiple access method) anu digunakeun dina GSM anu dilengkepan ku GPRS didasarkeun kana frequency division duplex (FDD) jeung FDMA. Dina pamakéan ieu téknologi, pamaké dibéré sapasang channel frékuénsi up-link jeung down-link. FDD jeung FDMA ieu dicampur jeung statistical multiplexing domain waktu, nyaéta komunikasi mode pakét, anu ngamungkinkeun sababaraha pamaké babagi channel
frékuénsi anu sarua. Pakét-pakét kasebut boga panjang anu tetep, luyu
jeung hiji slot waktu GSM. Frékuénsi down-link ngagunakeun jajadwalan
pakét first-come first-served, sedengkeun frékuénsi up-link maké pola anu sarua jeung reservation ALOHA.
GPRS mimitina (dina téori) ngarojong sambungan Internet Protocol (IP), Point-to-Point Protocol (PPP) katut X.25. Sambungan X.25 ilaharna digunakeun pikeun panerapan saperti terminal babayar nirkabel, sanajan X.25 geus dihapus tina standar. X.25 masih bisa dipaké dina PPP, atawa malah IP, tapi makéna mibutuh hiji router pikeun ngalakukeun encapsulation atawa intelejénsi kana terminal palanggan. Dina prakték, lamun digunakeun browser pikeun alat nu bagerak (mobil) mangka kudu digunakeun IPv4. Dina modél kieu, PPP mindeng ditarima ku operator telepon mobil, sedengkeun IPv6
henteu acan populér. Tapi lamun terminal mobil digunakeun salaku modem
nu disambungkeun kana komputer, mangka PPP dipaké pikeun nyambungkeun IP
kana telepon. Hal ieu ngamungkinkeun DHCP pikeun méré alamat IP Address jeung balukarna make IPv4 lantaran alamat IP anu digunakeun dina alat nu bagerak condong lumaku dinamis.
Kelas Kapabilitas (Kabisa)
- Kelas A
- bisa disambungkeun kana layanan GPRS jeung layanan GSM (sora, SMS), ngagunakeun duanana dina waktu nu bareng.
- Kelas B
- bisa disambungkeun kana layanan GPRS jeung layanan GSM (sora, SMS), tapi ngan ngagunakeun salasahijina dina waktu tinangtu. Salila maké layanan GSM, (sora jeung SMS), layanan GPRS ditunda heula, saenggeus layanan GSM (sora jeung SMS) réngsé, layanan GPRS bisa diteruskeun sacara otomatis. Kalolobaan alat terminal GPRS ngarupakeun Kelas B.
- Kelas C
- disambungkeun kana layanan GPRS jeung layanan GSM (sora, SMS). Pamakéan layanan GPRS jeung GSM diatur dipindah-pindah sacara manual (ku leungeun).
Alat anu bener-bener kelas A dikudukeun mancarkeun sinyal dina dua
frékuénsi nu béda dina waktu nu bareng, sahingga merlukeun dua radio.
Pikeun nyumponan sarat nu mahal ieu, telepon mobil GPRS bisa maké
kaistiméwaan (basa Inggris: feature) dual transfer mode (DTM).